kang Ibing ngabojeg wae

Babasaan Keur Ngalamar

Assalamualaikum, Punten,  mangga atuh.. abdi, abdi mah saha waé ge bebas, upami dipercanten, sulaksana, teja sami wae. Abi mah tara linggih tos lami ambeiyen, janten nangtung wae.

hapunten ieu teh jauh dijugjug anggang di teang , abi teh.. bade naon abi ka dieu teh? Abi mah nyuhunkeun tegas we, bade naon abi ka dieu?

Atanapi urang wae silih tanya, punten kieu ieu teh, abi teh gaduh dulur, Cep Kebul. Anjeuna teh tos lami bubujangan, teras we bubujangan.

Rupina mah teu aya nu dituju abi mah, namung maksad teh kieu, abi teh gaduh saderek nami na teh Cep Kebul, anjeuna tos lami teu gaduh bojo. Rarayna ? ayaan rarayna mah, sumpah… rarayna mah ayaan da upami teu aya raray na mah abi ge moal wantun ka dieu. Tah ngadangu dangu, nyai teh ronda ? leres?, oh sumuhun.. janten nyai teh randa nu padamelan dagang paria? Ari Anda mah leres.. pria.. tah manawi kituh néng, muhun énéng téh anak munding… tah… ari maksad teh kitu ieu téh, sanaos jinis na mah teu acan terangeun, tapi… ah abdi mah nekad we da watir, sumuhun ka  Cep Kebul, watir soteh watir Kabulusan.

manawi sareng manawa, tukang awi dibabawa. Dibawa ka Wa Kabul nu tadi tea, manawi katampi… da Kabul teh panjang na mah Kabul manawi..

Sugan sareng sugan cenah pangmilariankeun batur hirup… upami batur paeh mah seueur ieu ge, ngan nu hese mah batur hirup… tah nya anjeuna teh minang saraya, ari saur abi sok sanaos miang nu sanes ge, tiasa eta oge da anjeuna mah jalmi bebas… tah, pangmilarian keun, mangga wae, ngadangu di dieu.. saurnya nyai nuju lalagasan, eh montong mewek… bisi dicekek siah, peryogi kauninga da abi mah panglayar galak, abi mah jalmi na gampil pusing. janten ijib? Abi kenal caket sareng pa ijib, moal nanaon… tenang lah… da jarak dua bumi ka pa ijib teh..

Naha ieu teh, kinten kinten upami aya kasempetan, bade diamprokeun, kitu manawi ieu mah… Oh…, janten istri mah dipulung sareng dipiceun? Dupi na ieu mah seseurna kanu dipiceun margi mun ningali bentukna piceuneun yeuh…

Upami ningali Cep Kabul na mah da anjeuna mah teu pipilih, da upami ningali entog oge mun teu dicawet mah digabrug eta oge, tah nya kitu, upami eta bade ditepangkeun… kitu.. abi nya komisi we lah… sumuhun, itu ge jelas maksadna mah bade minang, panginten ayi pami nikah mah dipindang we ku itu mah jelas… [ujang teh kadie teh bade ngalamar bade modaran?] nya, ari abi mah mana we nu sempet…

Janten, sarat saratna nu dipikahoyong teh, pameget nu kumaha? Mmhhmm.. tah eta mah kantun diwartoskeun we ku abdi ,  muhun diwartoskeun we ka Wa Kabulna, Wa Kabul mangga wae nikah sareng itu mung kedah nuang perban sabaraha beungkeut tadi teh?

Keun kamana we masing masing pabaliut, urang sami sami teu paham ieu mah, da ari jodo mah kedah kitu atuh, kedah pakucrut mimitina…

Ieu mah bade ngalamar dugi ka pabaliut kieu nya? Muhun mangga, duh… tah cai… mun ibak mah sakalian….

Kireu yeuh nu seuriseus na mah, sakali deui simkuring kajurungan ku Ki Dulur, ku Cep Kebul, Wa Kebul, aya uwa aya encép, da anjeuna mah jalmi bebas… mun seseur artos encep, mun nuju tunggara uwa, ngan seuseueurna mah uwa… duka da anjeuna mah da kitu sipatna…

Tah bade milarian pijodoeun..,  ka saha we saur anjeuna mah. Pokona sasih sasih ieu kedah ngajodo. Ka saha wae, embe ge wios… numawi abi tos mapay, aya eta ge embe, di Garut ngan embe na teu kersaeun,  duka kumaha…

Yeeeh.. numawi abi milarian nu sahandapeun embe oge… numawi wantun oge da abi yakin.. , apan ku abi ge ditaros, lamun daek sok ngomong daek. Pan ieu mah henteu… embe deui embe deui…,

Asal rido? eh da kedah rido, da teu rido mah dipepeg ku abi mah… bade kumaha teu rido atuh…

Kulan? Boro boro batur, da abi ge teu terang saha jenengan abi…?

Abi teh teu gaduh KTP teh ku eta we wungkul, teu terang jenengan sorangan… Abi mah mangga wae naon oge…. Tah, hoh ge tiasa…

Sumuhun tah janten ieu teh, atuh sarat sarat saratna nu dipikahoyong, nu kumaha caroge teh …?

Oh… janten ayeuna mah abi tos jelas… cocok…  sumuhun.. da itu ge teu mandang …  teu mandang nanaon itu mah, itu mah teu gaduh pandangan jalmi na…  anjeuna mah asal kasebut we ku batur boga pamajikan, ulah nepi ka… yah… ulah nepi ka tiiseun teuing… eta mah ek bageur ek heunte, anjeuna mah kajeun we lah…

Sanes tamba lumayan atuh da percumah, bageur teu bager ge ku si eta mah diteunggeulan… diteunggeulan ku lemes, diteunggeulan ku papatah… pa patah rerencanga abdi…, Suryana Fatah…..

Janten… aduh kumaha ieu teh, ceuk abi ge lamun bade ngalamar… ieu kumaha bade ngalamar nepi ka diriung ku tatangga kieu saleuseurian… dugi ka ronghok dina jandela… dina panto… nu di kolong… cing.. atuh… ampun ieu mah…

Tah kantun urang tangtoskeun engke dintenna… urang tepangkeun heula… sareng ieu Wa Kabul teh,  tepangkeun. Tos tepang mah nyanggakeun… Keueung? da sanes jurig !!! naha make keueung? Da boro boro rai atuh , abi ge keueung saleresna mah.  Ieu mah ka dieu soteh pangalamarkeun, nya biasa we lah ngarah perelek.. . da  hate mah jumerit, embung… naon margi na? Lebar ku Wa Kabulna… Kitu…, da cita – cita teh…, emhhh kahayang teh tong waka nikah… keun sataun ieu  mah urang nyobaan di-air keras…, eukeur hiasan…  Tapi ceuk manehna, ah abi teh keukeuh we cenah… hoyong, kitu numawi keukeuh jeung alim ka batur, hoyong ka nyai… keukeuh.

Uningaeun ti mana? Ti abdi..  ari anjeuna mah da teu pipilih…, kantos cenah ningali  nuju nyai angkat ka  pasar… tah anjeuna kaleresan waktos eta mah masih keneh janten pasar, maksad teh masih didamel di pasar…  pendak, nya ti dinya mah kaedanan… ti dinten dinten kaedanan, beuki naek kaedanan, dugi ka ayeuna mah, edan…!!!!.

Nya kieu we, sami, kumaha atuda… tah kumaha ieu jantena?, kapastiana teu aya… ti tatadi ngan tatangga we ribut…,

Tah disebat ucing tiasa anjeuna mah, da puguh jiga ucing… dupina…

Nya mugi mugi we… teu wios wios…

Tah, saha nu gogorowokan? Ieu teh ngalamar nepi ka tingceuleuweung kieu? kumaha ieu teh ?, ceuk abi ge upami bade ngalamar, pan kedah tenang… sanes tatangga ronghok kieu ieu mah….

Har..? abi teh ngalamar…? Poho deui… rarasaan teh lain ek ngalamar… da puguh na meni teu aya nineung saeutik saeuik acan ieu teh, aya ngalamar nepi ka riged kieu yeuh … da pami nurutkeun hate mah jumerit hayang geura balik…  ngan inget ka Wa Kabul ieu teh.

Muhun kumaha geletuk dulang we eta mah. Mangga…, bade digeletukkeun mangga…

Ari disebat beunghar da puguh jalmi na teh teu kaya… muhun kumaha? Disebat beunghar da puguh jelema teh teu kaya… numatak abi rada curiga teh… da bingung… da eta we upami ameng ka Jakarta, “Tuh dia orang kaya…, kaya monyet…”.

Sumuhun? Bonteng ngalawan kadu? Eta ge upami teu dipisah ku gedang mah, kumaha da…. Pasti aya nu cilaka eta teh … Da uyuhan waluh mah ngadon lalajo…

Sok… muhun  atuh sok dileueut atuh samak na….



Tunda talatah


eusian…

elektronika sesa(a)t

padepokan jalmi tukang ngoprek solder, bebeledugan, kaulinan, ngagaru sawah jeung sajabana. ti ngawitan tukang patri dugi ka pendekar solder

Katagori